Kamis, 22 Desember 2016

Conto Sisindiran Basa Sunda

Sisindiran Rarakitan
v  29). Rena Melina
Ø  Piwuruk
Lamun meuli koka kola
Kudu inget ku mayarna
Lamun indit ka sakola
Kudu bener diajarna

Lamun boga kaluarga
Kudu bener ngaurusna
Lamun hayang asup sorga
Kudu getol ibadahna

Lamun arék sésépakan
Kudu bener ditempatna
Lamun embung dicarékan
Kudu bener diajarna

Ø  Silih Asih
Lamun arék kitu waé
Haté asa keuna nanah
Lamun enéng ambek waé
Haté  aa teu ngareunah

Ngan saukur duit sia
Ngan sakitu di si Asep
Ngan hiji di haté aa
Ngan enéng nu dipiresep

Deudeuh nempo jalma anéh
Engké bisi beunang deui
Deudeuh teuing ai manéh
Engké mah tong kitu deui

Ø  Sesebred
Aya jalmi nu berewit
Kabogohna saruana
Aya istri jangkung alit
Kabogoh dimana-mana


Manuk cicing anu saha
Nu ngaganggu ka bi Nina
Manuk saha manuk saha
Nu hiber kamana-mana

Aya lampu mérek néon
Aya jalma maké sarung
Aya naon aya naon
Aya lého dina irung

v  11). Delia
Ø  Piwuruk
Ngumbara di lembur catur
Diditu jualan cikur
Ngumbara di  lembur batur
Diditu gé kudu ngatur

Kamana jalan Cisaga
Kaditu na jeung s ihsan
Kamana jalan ka sorga
Kaditu ka pangaosan

Jalan-jalan ka Sumedang
Di dituna jeung si Ganjar
Jalan-jalan ka Palédang
Didituna bisa ngajar

Ø  Silih Asih
Hayang liburan ka Bandung
Ningali karaméanna
Hayang ngabungahkeun indung
Ningali tina seurina

Lamun ameng ka Canada
Ulah pas bulan puasa
Lamun ngaku urang sunda
Ulah poho kana basa

Aya listrik keur dibeulit
Caangna kamana-mana
Aya istri jangkung alit
Caangna tina namina

Ø  Sesebred
Aya nu meuli manisan
Hanjakal teu dibungkusan
Aya jalma geulis pisan
Hanjakalna tukang pingsan

Diditu aya guramé
Aya jalma maké tato
Diditu téh geuning ramé
Aya nini nu keur salto

Baju bodas baju saré
Katempo ti kajauhan
Baju bodas menang méré
Katempona gedé pisan

v  9) Bunga Iklima
Ø  Piwuruk
Lamun érék  meuli jamu
Kudu indit ka cipaku
Lamun hayang loba élmu
Kudu rajin maca buku

Rajin inditna sorangan
Amih bisa meuli bubur
Rajin maca kana Qur’an
Amih caang dina kubur

Dina metéran diukur
Pikeun ngitung panjang baja
Dina hirup kudu akur
Pikeun hirup jadi bagja

Ø  Silih Asih
Eta aya bubuahan
Meni awis pangaosna
Eta eneng geulis pisan
Meni mencrang katingalna

Hanas mah dipangmeulikeun
Pekteh meuli buah naga
Hanas mah enggeus nuturkeun
Pek teh geus aya nu boga

Lamun baju  keuna geutah
Moal beunang na seuseuheun
Lamun akang bener nyaah
Moal mungkin mun ninggalkeun

Ø  Sesebred
Lamun rek meuli odading
Langsung datang ka warungna
Lamun nini emam daging
Langsung muruluk huntuna

Aya tamu disuguhan
Pas datang tamuna kolot
Aya budak sepedahan
Pas tanjakan ban na locot

Ai ngaran budak leutik
Ceurik hayang sayur lodeh
Ai budak leutik ceurik
Ceurik hiji ceurik kabeh

v  06)  Annisa Dewi Kinanti
Ø  Piwuruk
Lamun ek ulin ka banjar
Tangtu urang mawa beber
Lamun urang sok diajar
Tangtu jadi jalma pinter

Lamun aya jalma boga
Kudu mere tatangga
Lamun hayang asup surga
Kudu rajin ibadahna

Jadi  jalma kudu jahat
Ameh engke loba piit
Jadi jalma kudu hemat
Ameh engke loba duit

Ø  Silih Asih
Neng eneng teh orang tonggoh
Di tonggoh aya lomari
Neng putri sim kuring bogoh
Bogoh ti minggu kamari



Aya ucing duduaan
Dina teras bapa nana
Neng annisa geulis pisan
Ujang rizkinu boga na

Akang adi eukeur nguseup
Di balong na nu pa yoga
Akang jaka meuni kasep
Dipikareuseup sadaya

Ø  Sesebred
Eta bapa mawa ketan
Anak na teh ngadandanan
Eta bibi lulumpatan
Aki-aki jojogedan

Aya budak dina roda
Teu poho sok mesen uber
Aya budak ulin kuda
Teu lila kudana hiber

Eta baju anu eulis
Tapi luntur kana warna
Eta eneng meuni geulis
Tapi na goreng sifat na
v  15) Geni Anggana
Ø  Piwuruk
Hayu cuang nyieun nyiru
Bisa jadi wadah beas
Hayu cuang neang elmu
Bisa jadi jalma waras

Ulah poho meuli kupat
Bisi hese ngeusi urat
Ulah poho kana sholat
Bisi hese di akherat

Lamun urang embung eleh
Kudu waras latihana
Lamun urang hayang sholeh
Kudu rajin ibadahna

Ø  Silih Asih
Hayang meuli kacamata
Nu siga cita citata
Hayang oge ka s eta
Nu sejen mah hente cinta

Hayang teh murak nu amis
Ngan eweh nu ngajualna
Hayang oge kanu geulis
Ngan hese neanganana

Saha anu jeung mang uli
Katempona murak botan
Saha eta nu di bali
Katempona geulis pisan

Ø  Sesebred
Katingalna ku mang wawan
Padahal mah kudu panci
Katingalna geulis pisan
Padahal mah eta banci

Geus mah ngantri lila-lila
Kalah teu menang gorengan
Geus mah dandan mani lila
Kalah labuh ka galengan

Abdi indit kanu mewah
Peklangsung indit sorangan
Abdi inditna ka sawah
Pek langsung labuh sorangan

v  5) Anggi Lestari

Ø  Piwuruk
Lamun urang rek ka mesir
Ulah poho naek onta
Lamun urang hayang pinter
Ulah poho loba nanya

Singggahna di kota banjar
Sangkan awak hente leuleus
Sing getol mun diajar
Sangkan urang jadi sukses

Enak pisan bakso urat
Tapi ngadaharna lila
Elmu mah da hente berat
Tapi mangpaatna loba

Ø  Silih asih
Ucing garong butut pisan
Meni sieun ningalina
Ucing dino luis pisan
Meni resep ningalina

Geulis pisan mojang ciamis
Akang resep ningalina
Geulis manis neng rengganis
Akang asep nu minangna

Neng nina ka bale desa
Akang arwan nu nganterna
Neng nina teh kembang desa
Akang afgan carogena

Ø  Sesebred
Aya gajah di cikampek
Tapina eweuh indungna
Aya budak pendek leutik
Tapina tarik lumpatna

Abdi hayang jadi artis
Sok hayang nyaho hirupna
Abdi hayang noel ku geulis
Sok hayang nyaho ambekna

Bau sengit kembang ros teh
Siga sengitna neng mawar
Bau pisan awak maneh
Siga cubluk anu anyar




Sisindiran Paparikan

v  29) Rena Meilina
Ø  Piwuruk
Mun ulin ka danau toba
Tong poho kudu sok nabung
Ai kahayang mah loba
Tapi digawena embung

Teu sieun ku laba-laba
Da sieuna ku s kiran
Lamun boga duit loba
Tong pohoka babaturan

Nginjem duit ka si eha
Da urang mah hente boga
Jadi budak sing sholeha
Ameh bisa asup surga

Ø   Silih Asih
Aya panto nu bu eulis
Keur dicokel ku si farhan
eneng geulis eneng geulis
hayu urang bobogohan

eta baju nu si aa
nu diinjem ku si lisna
naha mun di soca aa
ngan neng nu pang geulisna

rek ulin ka imah ua
da jadina ka s ita
tengamaksud rek ngadua
da ngan neng nu dicinta

Ø   Sesebred
Ditakol ku sendal mental
Didahar asa rendang
Aya balong dina bantal
Nu ngucur ti biwir adang

Neangan motor culang cileng
Sok ditunda di pipreun
Lamun maneh keur ngahuleng
Aya setan di gigiren
Rek libur sakulawarga
Inditna ti isuk hela
Amun hayang asup surga
Maneh kudu paeh hela


v  11) Delia Okta
Ø  Piwuruk
Aya manuk nu keur muter
Buhaya lempang jeung iin
Lamun hayang jadi pinter
Maca buku kudu rajin

Lamun rek indit ka jember
Ulah poho meuli pestol
lamun urang hayang pinter
kudu bisa jadi getol

di jakarta sering banjir
di  parigiloba lauk
mun ayena henteu mikir
hanjakal dipoe isuk

Ø  Silih asih
Sarung hideung dina bilik
Kumaha ngagaringkeunna
Abdi ninenung kanu balik
Kumaha rek mikirkeuna

Kembang eros nu bu eulis
Diurus kunu bogana
Rarayna teh anu  geulis
Kacida alus polahna

Kapinis ulah dipencit
Tangkal cau dituaran
Anu geulis bade indit
Duakeun ti kajauhan

Ø  Sesebred
Ek sakola jeung si tian
Ari pek teh kaberangan
Aa kasep tur wanian
Tapi pekna teh borangan
Kini kini kuang kuang
Melati ka pipirpipir
S nini nu keur berjuang
Tapi s aki teu mikir

Diditu naek kora kora
Teu hilap meuli talempong
Bahela nini teh ngora
Ayena nini teh ompong

v  9) Bunga Iklima
Ø  Piwuruk
Isuk rek indit ka jogja
Jalana ngaliwat tangga
Lamun hayang hirup bagja
Kudu akur jeung tatangga

Mangkat na mah jeung mang toha
Balik balik jeung bapana
Ai kahayangna loba
Kudu rajin usahana


Kakara balik ti lampung
Ti gorolong ka susukan
Urang kudu rajin nabung
Pikeun bekel jang isukan

Ø  Silih Asih

Indit ka imah baraya
Tapi kempés ban mobilna
Kuring bakal tetep aya
Mesing jarang papanggihna

Balik ti imah mang Nana
Manggih jambu anu mulus
Katingal  tina socana
Rasa cinta anu tulus

Lamun hujanna geus raat
Rék ka kebon ngala buah
Akang tos ngadamel surat
Ondangan arurang nikah

Ø  Sesebred

Leuleumpangan mapai galeng
Rék ka sawah melak ketan
Ulah osok hulang huleng
Bisi diasupan sétan

Geus bosen cicing di imah
Kaluarna rék ngagéboy
Nini-nini ayeuna mah
Kolot-kolot beuki si Boy

Aya beja pikeun maneh
Engke peuting rek ka er es
Jaman geus beuki araneh
Aki-aki maen pe es

v  06).Annisa Dewi

Ø  Piwuruk
Mun piknikna ka Ciater
Kuduna diabadikeun
jadi budak teh sing pinter
ameh bisa ngabagjakeun

arek ulin jeung si nisa
dianter kusi bi idah
lamun hayang asup aorga
tong mopohokeun ibadah

kamari aya mang mamat
papanggih we jeng kang nana
jadi jalma kudu hemat
abi benghar kadituna

Ø  Silih Asih
Isuk teh meuli sorabi
Ulah meuli ka si panji
Mun ujang bogoh ka abi
Ulah osok ingkar janji

Neng singgah ka mang nana
Lamun arek ka cihideung
Akang kasep katingalna
Lamun nganggeacuk hideung
Kamarina aya gaang
Asep tea nu bogana
Abi bogoh na ka akang
Pinter sholeh katingalna

Ø  Sesebred
Make baju nu th eulis
Kembar pisan katingalna
Parasna th mani geulis
Dapuguh etalancekna

Aya ema nganter cau
Mani asa kabaraya
Tong kadinya meuli cincau
Da pastina moal aya

Panganten sok make sanggul
Meni berat katingalna
Eta jalma mani agul
Padahal harta kolotna

v  15) Geni Anggana
Ø  Piwuruk
Mang roni ejeng bi irma
Keur balanja ka si lala
Lamun hayang jadi jalma
Kudu rajin ka sakola

Aya jelmamawa senter
Eukeur neang anu keur les
Lamun hayang jadi pinter
Ulah jadi jelma males

Ai cai dina botol
Ladang meuli ti mang tata
Diajar kudu sing getol
Meh kagapai cita cita

Ø  Silih Asih
Meuli mendoan bi ana
Meulina th di mu iuh
Abi sono ka anjeuna
Lantaran imahna jauh

Mang udin ejejng bi lilis
Manehna neangan cangkang
Sanajan loba nu geulis
Neng tetepanu akang

Si asep mulungan batu
Dibantuan ku mang bono
Si neng aya diditu
Ieu akang mani sono

Ø  Sesebred
Tah gorengan tinaresep
Nganhanjakalna teh tutung
Si eta ngakuna kasep
Padahal mah siga lutung

Lamun maneh ngala cacing
Sok dibantuan ku kuring
Si adi te daek cicing
Ngadon nincak tai ucing

Eta naon dina panon
Si meti mawa indonie
Bau naon bau naon
Seg bau awak si romie

v  5) Anggi Lestari
Ø  Piwuruk
Lamun urang rek ka banjar
Sok maregat heula angkot
Sing getollamun di ajar
Meh bungah nu jadi kolot

Si aki indit ka banjar
Inditna make scooter
Sing getollamun diajar
Sangkan jadi jalma pinter

Ngala dawegan nyalira
Dinung lutung dalapanan
Moal poho ka  salira
Salagi can ngalakonan

Ø  Silih Asih
Ka akajang mawa ade
Kalapa hejo caina
Anu nganjang rada hade
Katempo bodaspipina

Kembang mawar sengit pisan
Unggal imah pada boga
Ibu anu kageulisan
Dokter lukman nu bogana

Budi teh lahir di desa
Siti aisyah indungna
Neng nani teh kembang desa
Asep anton carogena

Ø  Sesebred
Ngala bogo ngala ungok
Dibungkus ku kajar kajar
Nu laljo ulah ronghok
Rumaos degung diajar

Neng ayu eweuh kaisin
Unggal ulin sok ka adi
Bau pisan awak udin
Jiga san nu tara mandi

Aya istri tukang agul
Kabogohna te resepeun
Ulah sokloba ngawadul
Bisi tedi raresepen

Wawangsalan
v  Rena Meilina
Layar leutik pake nelpon
Nu dibawa deket tempe
(hape)

Areng leutikpakenulis
Nempo jurig keur molottot
(patlot)

Sok dipake keur ditincak
Lamun ngerem make pedal
(sendal)

Sok dipake dina sirah
Boga manuk ngarana ciung
(tiung)

Sok ngarayap dina tembok
Awak gede tapi beke
(toke)

v  Delia Okta
Kaen berem bodas ngibar
Keur dibawa ku bi ira
(bendera)

Keur ngiuhan tinahujan
Kabeneran make tiung
(payung)

Dipake ngeusian batre
Katingalna alus pisan
(casan)

Kandaraan roda dua
Keur ngitung ku kalkulator
(motor)

Banda pasagi diklas
Meulina ti pak jaja
(meja)

v  Bunga Iklima
Alat nu sokdipake nulis
Meulina di warung mang epen
(pulpen)

Dipakena dina suku
Dijalan titajong kana batu
(sapatu)

Sato aya tulalean
Spk diingu ku makijah
(gajah)

Kaen dipake dina awak
Meulina kudu ka bu uju (baju)

Sok ngabudahmun keur mandi
Tasmandi rekmeuli bihun
(sabun)

v  Annisa
Bentukna panjang aya buluan
Sok dipake ku s anggi
(sikat gigi)

Luhurna bolong sok dieusian cai
Sok dipakena di kelas
(gelas)

Barang lamun ditempo aya benget urang
Sok dipake ku si caca
(kaca)

Panjang sok dipakenulis
Kapal disupiran ku pilot
(patlot)

Panjang leutik keur nalian
Nu dibawa ku bi eli
(tali)

v  Geni anggana
Kendang gede tina kulit
Disadana pakbeledug
(bedug)

Sok didahar unggal poe
Didaharna jeung nu rangu
(sangu)

Wadah barang tina kulit
Osok jadi target copet
(dompet)

Remen jadi wadah hulu
Sok dipakeluhur pipi
(topi)

Sok dipakedinasuku
Moal nyeri nincakna
(sapatu)

v  Anggi Lestari
Belut aya sisitan didarat
Raray ica mani berem
(oray)

Anu sok ditakol mun adan
Dagdigdug hate neng ajeung
(bedug)

Buahnu sok dibawa ku pak haji
emak asep mani bageur
(korma)

Awina nu ngaluarkeun sora
Si ujang te daek cicing
(suling)