Rabu, 03 Juni 2015

Carpon Basa Sunda - KABEURANGAN


Kabeurangan

Koréjat Si Udin hudang. Kagareuwahkeun ku sora anu brang-bréngbrong di dapur. Tina sela-sela hordéng, kaciri di luar geus caang. Boa-boa kabeurangan. Rék kana jam Ben10 anu ngadaplok dina témbok kamar. Gustiiii...geuning geus jam genep! Si Udin tibuburanjat turun tina risbang, ngarawél anduk, deregdeg lumpat ka kamar mandi.  Pleng... Si Udin emut gara -gara peuting lalajo maén bal di televisi nepi ka jam 12, jadi wéh saréna peuting teuing. Tah éta nu matak isukna hudang kabeurangan. Keurmah hudangna kabeurangan,  ditambahan kalatrak-kolétrak kumilarian buku nu kudu dicandak ka sakola acan disiapkeun bari rusuh dangdan rék sakola, nepi ka poho teu sasarap heula. Pedahal Mamah atos nyiapkeun rencang sangu anu ngarareunah. Da kusabab rusuh sieun kabeurangan, haté kuringtéh asa dag-dig-dug teu pararuguh. Berebet we kuringtéh lumpat langsung ka sakola. Barang datang ka sakola panto gerbang geus ditutup. Deg deg deg deg deg... jadi asa beuki lareuwas. Apal aya nu kabeurangan, satpam sakolatéh langsung nyampeurkeun. Kuring langsung dibawa ka rohang PKS kesiswaan, tuluy ditanya ku PKS kesiswaan. “Naha bet kabeurangan waé datang ka sakolaantéh?” Nya... kuringmah ngajawabna “tadi gugahna kasiangan janten wéh sumping ka sakolaanna oge kasiangan”. Saeunggeus ditanyaan, kuring dihukum mulungan runtah di pakarangan sakola. Ssshh keurmah lega pakarangan sakolaantéh, loba pisan deuih runtahna.
Pas kuring keur mulungan runtah handapeun tangkal palem anu kékép,dipacok oray. Nya kuring langsung ngagéréwék menta tulung ka saha waé nu aya didinya. Guru-guru reuwaseun, tuluy kuring dibawa ka rumah sakit. Ibu guru langsung nelepon ka Mmamahjeung ka Bapa. Teulami, Mamah jeung Bapa datang di rumah sakit. Mamah jeung Bapatéh katingalina hariwangeun pisan ningali kuring di parios ku dokter. Saeunggeus réngse di parios, Mamah jeung Bapa langsung narosan kumaha kaayaan kuring ayeuna. Kuring langsung dipapatahan ku Bapa ameh henteu kabeurangan waé.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar